Rangkulan salira
Masih karaos pagehna
Hese lesotna..
Suganteh tangkeupna anjeun
Nu pinuh rasa ka kangen
Horeng aya asih sapengkeureun
Boro tos bagja
Ieu diri mikacinta
Sagambleungna
Sakur nu dipikahoyong
Rarasaan ditedunan
Anjeun mengkolkeun asih ka deungeun
Ikhlas memang ikhlas
Ridho teu ngajodo
Naha ieu hate
Emut wae ka salira
Nyeuri memang nyeuri
Beurat pikeun nampi
Panginten kedahna
Guratna urang papisah
************************************************
0 Komentar untuk "Lirik Lagu Rangkulan Salira - Sigit Gumilar ( Cover Fanny Sabila )"