Lirik Lagu Kamana Cintana - Nina

Hujan ge aya raatna
Panas ge aya iuhna
Reup peuting bray beurang
Titis tulis geus suratan

Diri lain lir boneka
Dikeukeuweuk sakarepna
Boga rasa harga diri
Sabar ge aya batesna

Lamun enya
Geus teu cinta
Ulah aya
Tanda tanya

Kamana cinta kamana asihna
Kamana dimana kamana nya pindahna
Kamana duuuh... cintana

Kamana deudeuhna kamana hemanna
Kamana dimana kamana nya nyampayna
Kamana duh... deudeuhna

Lamun enya geus teu aya cinta
Ulah aya rasa dipaksa
Lamun enya geus teu aya cinta
Hate leutik saksina

Diri lain lir boneka
Dikeukeuweuk sakarepna
Boga rasa harga diri
Sabar ge aya batesna

Lamun enya
Geus teu cinta
Ulah aya
Tanda tanya

Kamana cinta kamana asihna
Kamana dimana kamana nya pindahna
Kamana duuuh... cintana

Kamana deudeuhna kamana hemanna
Kamana dimana kamana nya nyampayna
Kamana duh... deudeuhna

Lamun enya geus teu aya cinta
Ulah aya rasa dipaksa
Lamun enya geus teu aya cinta
Hate leutik saksina
********************************************************

Related : Lirik Lagu Kamana Cintana - Nina

0 Komentar untuk "Lirik Lagu Kamana Cintana - Nina"