Aweuhan adzan ..
Wanci Magrib saru tongeret Jeung cihcir
Ngabangikngik nganteur layung anu undur ..
Pikeun balik .. ka tempatna
Jumerit diri ..
Abdi ka Gusti ka Allah nu maha Agung ..
Anu terus .. ngulung ngulung kaduhung ..
Ngulang -ngulang tincak
Dina jalan salah
Reff :
Kamana ..Jeung kudu kasaha
Naleukeumna ieu diri
Mun seug iman sateuguh Abu Bakar
Sahabat Nabi nu taat ka Gusti
Ya. . Allah ..
Ya Rabbul Izati hapunten Sagala lepat
Kebat diri seja Tobat ..
Nete kecap Shirothol Mustaqim
==========================
0 Komentar untuk "Lirik Lagu Jumerit Ati - Abiel Jatnika"