Lirik Lagu Jampe Harupat - Nining Meida

Jampé-jampé harupat
Geura gedé, geura lumpat
Sing jauh tina maksiat, anaking
Ngarah salamet akhérat

Jampé-jampé harupat
Geura gedé, geura lumpat
Susah-senang omat shalat, anaking
Beunghar kadé poho zakat

Jampé-jampé harupat
Pék dudunya satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rék hirup saumur dunya

Jampé-jampé harupat
Prak ibadah satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rék cacap engké sareupna

Ulah rék aral subaha, anaking
Sing percaya ka nu Kawasa

Sagala nu karandapan ku hidep
Tangtuna bongan sorangan

Ti bapa, ieu pépéling
Ngarah hidep hirup salawasna éling
Heunteu beurang, heunteu peuting
Hidep kudu soléh satungtung nyaring

Jampé-jampé harupat
Geura gedé, geura lumpat
Sing jauh tina maksiat, anaking
Ngarah salamet akhérat

Jampé-jampé harupat
Geura gedé, geura lumpat
Susah-senang omat shalat, anaking
Beunghar kadé poho zakat

Jampé-jampé harupat
Pék dudunya satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rék hirup saumur dunya

Jampé-jampé harupat
Prak ibadah satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rék cacap engké sareupna

Ulah rék aral subaha, anaking
Sing percaya ka nu Kawasa

Sagala nu karandapan ku hidep
Tangtuna bongan sorangan

Ti bapa, ieu pépéling
Ngarah hidep hirup salawasna éling
Heunteu beurang, heunteu peuting
Hidep kudu soléh satungtung nyaring
==============================

Related : Lirik Lagu Jampe Harupat - Nining Meida

0 Komentar untuk "Lirik Lagu Jampe Harupat - Nining Meida"