Lirik Lagu Mata Poe - Abiel Jatnika

Matapoé rék ngampih
Tanda rék salin wanci
Beurang rék naleukeum kapeuting
Cihcir tongérét récét
Ngahudang balilu
Lalewang

Laun-laun kapiati
Cukang lantaran mah éta
Sumélékét dina jero haté
Pikir ngahudang brangta
Kahayang biheung laksana
Honcéwang haté lalewang

Sakapeung di pikir peurih
Raga lir keuna ku peurah
Anjeun nyieuhkeun harepan
Sanajan tacan pataréma ucap
Sok komo bari ngaréka tresna

Bet teu kuat manggihan imut
Teu karasa haté kapincut
Lalanjung wuyung gandrung
Sakitu laut reujeung ombakna
Teu eureun-eureun méré gugupay
Ngogo tetepan

Naha anjeun bet kajongjonan
Geura tampi kaasih diri
Urang ngogokeun kasono
Mepéndé haté
Dina méga pangluhurna
==============================

Related : Lirik Lagu Mata Poe - Abiel Jatnika

0 Komentar untuk "Lirik Lagu Mata Poe - Abiel Jatnika"